1. Ngaborong doran jeung hayam
Diparaban sampeu atah
Wilujeung boboran siam
Mugi urang wangsul fitrah
2. Boh bilih ngical kalapa
Candakna kanggo carangka
Boh bilih kalindih murka
Moga kesa dihampura
3. Boh bilih ka Sukajadi
Ulah hilap meser roti
Boh bilih bilih kalangsu dengki
Muga kersa ngamaklumi
4. Salami di Sukajadi
Teu ninggalkeun kuring shalat
Salami urang pahiri
Urang silih pundut maaf
5. Lamun kuda mirip titik
Loba jalma lalumpatan
Salami urang kumelip
Tangtos seueur kalepatan
6. Cecendet mande kiara
Dijualan make panci
Mugi kersa ngahampura
Kuring kungsi ingkar janji
7. Mun indit ka Ujung Berung
Bari mawa awi tali
Rumasa kungsi ngaberung
Mugi Gusti kersa nampi
8. Rincik rincang rincik rincang
Aya roda na tanjakan
Nyai teh bogoh ka akang
Sidik pisan sidik pisan
9. Cikaracak ninggang batu
Laun laun jadi legok
Tai cakcak ninggang huntu
Laun - launnya dilebok
10. Aya listrik di masigit
Caangna ka pabrik Kina
Aya istri jangkung alit
Hanjakal lain nu bogana