Kamis, 23 Februari 2017

Kumpulan pantun bahasa sunda ( Part 1 )


1.  Ngaborong doran jeung hayam
     Diparaban sampeu atah
     Wilujeung boboran siam
     Mugi urang wangsul fitrah


2.  Boh bilih ngical kalapa
     Candakna kanggo carangka
     Boh bilih kalindih murka
     Moga kesa dihampura


3.  Boh bilih ka Sukajadi
     Ulah hilap meser roti
     Boh bilih bilih kalangsu dengki
     Muga kersa ngamaklumi


4.  Salami di Sukajadi
     Teu ninggalkeun kuring shalat
     Salami urang pahiri
     Urang silih pundut maaf


5.  Lamun kuda mirip titik
     Loba jalma lalumpatan
     Salami urang kumelip
     Tangtos seueur kalepatan


6.  Cecendet mande kiara
     Dijualan make panci
     Mugi kersa ngahampura
     Kuring kungsi ingkar janji


7.  Mun indit ka Ujung Berung
     Bari mawa awi tali
     Rumasa kungsi ngaberung
     Mugi Gusti kersa nampi


8.  Rincik rincang rincik rincang
     Aya roda na tanjakan
     Nyai teh bogoh ka akang
     Sidik pisan sidik pisan


9.  Cikaracak ninggang batu
     Laun laun jadi legok
     Tai cakcak ninggang huntu
     Laun - launnya dilebok


10.  Aya listrik di masigit
       Caangna ka pabrik Kina
       Aya istri jangkung alit
       Hanjakal lain nu bogana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar