Kudu daek meulina
Lamun hayang asup surga
Kudu getol nya solatna
2. Kaleuweung rek melak tomat
Dibaturan teh ku sobat
Eweuh obat nu mujarab
Iwal ti ngajalankeun solat
3. Ngala tutut ka talaga
Alatna pacul ayakan
Kitut patut hayang sorga
Solatna oge jarang pan??
4. Lamun ulin ka talaga
Balikna sok bawa barang
Lamun urang hayang sorga
Jalana nyaeta takwa
5. Daun salasih ngareluk
Diseumat ku awi beulah
Nu asih ka pada makhluk
Di rahmat ku gusti alloh
6. Ka ema silaturahmi
Teu hilap nyandak seupaheun
Jalma nu alus budi
Pasti loba nu resepeun
7. Kamana jalan ka Asia
Tuh kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Tuh kaditu ka pangaosan
8. Ka pasar meser ragaji
Ragajina tnggal dua
Boga budak ointer ngaji
Nu reueus pasti kolotna
9. Ka warung meuli katuncar
Sakalian meuli jahe
Mun budak kedul diajar
Hanjakalna engke geus gede
10. Mun engke ka Bojong Menje
Bakal nguriling jalanna
Mun diajar talangke
Bakal kaduhung ahirna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar