1. Mawa peti dina sundung
Ditumpangan ku karanjang
Pangarti teu beurat nanggung
Tapi mangpaatna panjang
2. Samping kageutahan dukuh
Dikelab dikacaikeun
Nu matang urang sing kukuh
Papatah guru turutkeun
3. Angeun hurang sapariuk
Bawangna ngan dua sirung
Ulah mungpang ka piwuruk
Bisi akhirna kaduhung
4. Salila milu ka dinya
Teangan roda padati
Salila hirup di dunya
Teangan elmu pangarti
5. Rujak cikur rujak bebek
Loba nu rek ngadaharna
Jalma nu sok gede ambek
Bakal kaduhung ahirna
6. Ngawuluku ngawalajar
Kudu di baladah heula
Dina waktu rek diajar
Hayu urang ngadaro'a heula
7. Lamun poek nyeungeut lilin
Teu pati caang seuneuna
Ulah ngalobakeun ulin
Bisi kaduhung ahirna
8. Haur geulis linggar jati
Meser ayakan jeung nyiru
Urang kudu pinter ngaji
Tah dangukeun bapa
9. Ulah ngala cocongoan
Bisi ruksak tangkal manggu
Ulah waka bobogohan
Bisi sakolana kaganggu
10. Lauk emas ngakan ganggeng
Disamberan ku japati
Boga emas moal langgeung
Teu cara boga pangarti
Tidak ada komentar:
Posting Komentar