Selasa, 09 Mei 2017

Kumpulan pantun dalam bahasa sunda ( Part 2 )

1.   Salila ngilu kadinya
      Teangan noda padati
      Salila hirup di dunya
      Teangan elmu pangarti

2.   Najan kuring panen gedang
      Moal poho ka paraji
      Najan raga urang paanggang
      Tapi ari mah ngahiji

3.   Mun pareng hiber japati
      Sok ngumpul katebak angin
      Duh jungjunan nu saati
      Iraha rek tuker cingcin

4.   Samping kagetahan dukuh
      Dikelab dikacalkeun
      Nu matak urang sing kukuh
      Papatah guru turutkeun

5.   Sing getol nginum jajamu
      Nu guna nguatkeun urat
      Sing getol neangan elmu
      Nu guna dunya aherat

6.   Mun arek neng paraji
      Geus pasti rek ngalahirkeun
      Mun peuting kabawa mimpi
      Mun beurang sok ka gundamkeun

7.   Manuk sapu manuk haur
      Anakna keur dipakanan
      Lamun hayang loba batur
      Ulah harak barangasan

8.   Manuk sapu manuk haur
      Anakna keur dipakanan
      Lamun hayang loba batur
      Sing daek silih eledan

9.   Samemeh indit ka talaga
      Ka warung heula rek jajan
      Jadi budak ulah sok balaga
      Bisi eweuh nu ngabaturan

10. Semar mesem asak jingga
      Cepot nenggel gatot kaca
      Lamun anjeun hayang bagja
      Getol shalat akhlak mulia
 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar